Reumatik

 

“Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca teh,” ceuk saurang dokter ka saurang pasena anu geus aki-aki.
“Rematik teh panyakit nanahaon atuh Dok ?” ceuk si Aki malik nanya.
“Rematik teh salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki. Ari anu ngalantaranakeunana tiasa bae kumargi Aki tos sepuh….”
Si Aki gancang motong omongan dokter, “Ah ulah sok ngabobodo kitu. Abong kena ka aki-aki. Geuning suku aki anu katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna mah apanan sarua jeung nu kenca?” (Oeyoel)

Tinggalkan komentar